Jumat, 13 April 2012

Calagara Keur M.Arqi Alfarisi


Al Hamdulillahi Nahmaduhu wa Nasta’inu wa Nastagfiruh wa na’udzubillahi min syururi anfusina wa min syayiati  ‘amalina, mayahdillahu fala mudilallah wamayudil fala hadialah. Asyhadu alla Illaha Illalloh, wa asyhadu anna Muhammadan Abduhu wa Rosuluh.
Alhamdu pameruh rasa takabur anu nyangkaruk dina Qalbu,
Fatihah ngumbah manah tina sarakah anu sumarambah dina manah,
Nyangling ati tina syirik, Puji mah kagungan Gusti anu Maha Suci.
Rumasa, manusa mah mahluk lemah, usik malik rengkak paripolah anging ku Pangersa Alloh nu Maha Murah tur Asih.
Syahadat nu jadi jangji pasini, moal rek lanca-linci luncat mulang ingkar tina tali gadang, umaku terusing kalbu, sumujud, yen teu aya deui Pangeran anu wajib  disembah di ibadahan anging Alloh Subhanahu wa ta ‘Ala Nyalira.
Muhammad Panutan ummat, Sinelir Nabi Pinilih jadi Rosul anu panutup, pamungkas para Anbiya janten Uswatun Hasanah, panungtung ummatna malar    hirup henteu leupas katambias, ingkar tina tetekon agama. 

· Ibu Pupuhu Yayasan AlMarwah Hajjah Maryam Dermawanti Hamijaya hormateun sim kuring,
· Pangersa Ustad Profesor Doktor Kyai Haji Maman Abdurahman MA, anu dipihormat
· Bapa miwah Ibu para Mustami anu sami ku sim kuring di pihormat
· Kum kasadaya anu haladir dina ieu Haflah anu mudah-mudahan Mubarokah

Assalaamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh.
Langkung tipayun urang sami-sami muji syukur ka Robbul Gofur, wireh urang sadaya dina danget ieu masih keneh dipaparin kasehatan, miwah kakiatan geusan sinaksen, riung mungpulung dina patepung lawung patepang wajah raraga Pengajian Umum di Al-Marwah.
Bubuka catur parantos kasanggakeun, Pancen sim kuring ayeuna seja medar runtuyan acara, nyaeta :

Kahiji : Pangdeudeul ais Pangampih ti Pupuhu Yayasan Al-Marwah Pangersa Ibu Hajah Maryam Dermawanti Hamijaya
Kadua: Aosan Kalam illahi anu baris di aoskeun ku saderek Bagus Maulana Sobirin kelas X Full Day SMA PUQ Al-Marwah
Katilu ; Pidato Bahasa Arab anu di dugikeun ku Baetun Nurjanah kelas XI IPS SMA PUQ Al-Marwah
Kaopatna : Pidato Bahasa Inggris ku Noviyanti Pratiwi kelas XI IPA SMA Al-Marwah sareng teh Hilda Yulida, sami kelas XI IPA SMA Al-Marwah.
Anu Kalima, Acara poko Wejangan ti Pangersa Ustad Profesor Doktor Kyai Haji Maman Abdurahman, MA. Ketua Umum Pimpinan Pusat Persatuan Islam Bandung.
Ka genep, Pamungkas acara.

 
Supados teu nyangkolong waktos, mangga dihaturanan Ka Ibu Pupuhu Yayasan Al-Marwah kangge ngadugikeun Pangwilujeng na.
……………………………………………………………………

Hatur rewu Nuhun ka ibu anu parantos ngadeudeul ieu acara, mudah-mudahan seueur kasaeanna ageung barokahna manjang jariahna. Aaamiiin.
Nema acara kadua aosan ayat Suci Al-Quran anu bade diaoskeun ku Bagus Maulana Sobirin, ka saderek Bagus mangga dihaturanan...
…………………………………………………………………………….

Mudah-mudahan aosan Kalam Illahi tadi janten wasilah kangge urang sadaya anu kempel dina ieu Haflah.
Salajengna, ka teh Baetun Nurjanah dihaturanan kangge Pidato na dina bahasa Arab. Mangga...k teh Baetun dihaturanan…..

Kitu pangdugina teh Baetun Nurjanah dina Pidato ku Bahasa Arab.
Nema acara salajengna anu ka opat pidato ku bahasa Inggris, mangga dihaturanan ka Noviyanti Pratiwi oge teh Hilda Yulida kangge ngadugikeun Pidatona...
…………………………………………………………………………….
Hatur nuhun ka ……….. Sareng ……….. Anu parantos ngajengkeun pidato na ku bahasa Inggris.
Atuh runtuyan nu dianti-anti titatadi, diseja tianggalna, nyaeta Piwuruk oge Wejangan ti Pangersa Ustad, anu janten acara poko dina ieu Haflah.
Mangga ka Pangersa Ustad Profesor Doktor kyai Haji Maman Abdurrahman, Ma… dihaturanan kangge ngadugikeun Tausiah na.
……………………………………………………………………………….
Alhamdulillah….rengse kadangu ku urang sadayana Tausiah ti Pangersa Ustad...anu mugia tiasa dicandak sareng diamalkeun anu saena, sarta ditebihan anu awon na.

 
Kumargi acara Poko parantos kasakseni ku urang sadayana, atuh kangge Pamungkas catur sakantenan panutup ieu acara, simkuring seja ;
“Nutup saur pamungkas calagara, hapunten anu kasuhun,
bilih aya saur nu teu kaukur , tisoledat ucap,
tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan,
Mugia sadayana ngamparkeun manah nu leah, kanggo ngahapunten sagala kakiranganana”.

Billahi taufik wal hidayah, Robbana Aatina fiddun ya hasanah, wa fil aahiroti hasanah wakina adzaaa bannaar.
Wasalam mu’alaikum waroh matulloohi wabarokaatuh.

iyasana Rudi Linuhung........di pidangkeun kunu kapapancenan calagara M. Arqi Alfarisi kelas X Full Day SMA PUQ ALMARWAH.

Tata Wangun Kecap Dina Bahasa Sunda

Tata Wangun jeung Warna Kecap (Morfologi)
Kecap téh nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap téh nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu. Kecap-kecap dina basa Sunda bisa  dipasing dumasar kana wangun jeung warna/Rupa Kecap, nyaeta :  

A. Wangun kecap
o Kecap Asal  nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
o Kecap Rundayan  nyaeta kecap asal anu geus dirarangkénan
o Kecap Rajékan  nyaeta kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
o Kecap Kantétan nyaeta kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar

B. Warna kecap
o Kecap Lulugu
a. Kecap Barang nyaeta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran anu dianggap barang.
b. Kecap Sulur nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang
c. Kecap Pagawéan nyaeta kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna
d. Kecap Pananya nyaeta kecap anu dipake pikeun nanya
e. Kecap Sipat  nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang
f. Kecap Bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, atawa beungkeutan, kumpulan, atawa oge tahapan.
o Kecap Pancén
a Kecap Panganteb  nyaeta kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).
b Kecap Panganteur  nyaeta kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés
c Kecap Panambah Aspék nyaeta kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén
d Kecap Panambah Modalitas  nyaeta kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana
e Kecap Panyambung nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah
f Kecap Panyeluk nyaeta kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan

A.1 Kecap Asal
 Kecap asal disebut oge wangun asal, nyaeta nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan. Proses morfologis basa Sunda nyaeta proses anu  ngahasilkeun kecap jadian  
 (kecap turunan) ku cara :
  1. Ngararangkenan, hasilna disebut kecap rundayan.
  2. Ngarajek, hasilna disebut kecap rajekan.
  3. Ngantetkeun, hasilna disebut kecap kantetan.
 contona, kecap asalna “dahar” mangsa ngalaman proses morfologi ku cara mere imbuhan 
 (ngararangken tukang) “-eun” jadi dahareun.
A.2 Kecap Rundayan
  Kecap rundayan nyaeta kecap asal (kata dasar) nu geus dibere rarangken. Rarangken (imbuhan) aya opat rupa, nyaeta rarangken hareup (afiks/awalan), rarangken tengah (infiks/sisipan), rarangken tukang (sufiks/akhiran), jeung rarangken barung (konfiks).
  a. Rarangken hareup (Afiks/awalan) nyaeta rarangken anu disisipkeun di hareup kecap 
      asal. Rarangken hareup dina basa Sunda, nyaeta : ba-,barang-, di-, ka-, N-, pa-,pada-,  
      pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.
  b. Rarangken tengah (Infik/sisipan) nyaeta rarangken nu disisipkeun di tengah kecap asal. Rarangken tengah aya tilu, nyaeta : -ar-, -um-, jeung -in-.
  c. Rarangken tukang (Sufiks/akhiran) nyaeta rarangken anu disisipkeun di tukang kecap asal (kata dasar). Rarangken tukang nyaeta : -an, -eun, - ing/ning, -keun jeung -na.
  d. Rarangken barung (Konfiks) nyaeta rarangken nu disisipkeun di hareup jeung tukang dina kecap asal. Rarangken barung nyaeta : ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika-, pika--eun, jeung sa--eun.
A.3 Kecap Rajekan
  Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagean atawa sagemblengna, robah sorana atawa henteu. Contona kuda-kuda, imah-imah, bapa-bapa Kecap kasebut asup kana  kecap   rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap rajekan sabagian, boh bagian hareup atawq bagian tengah. Contona tatajong, babagi, sababaraha.
A.4 Kecap Kantetan
  Kecap kantetan nyaeta kecap nu diwangun ku cara ngagabungkeun kecap jeung kecap,  
  kecap dengan cakal, atau cakal dengan cakal. Contona :
  1) Kantetan kecap jeung kecap, contona : hejo tihang, panon poe.
  2) Kantetan kecap jeung cakal, contona : kurang ajar, kagok asong.
  3) Kantetan cakal jeung cakal, contona : adug lajer, huleng jentul.
  4) Kantetan kecap jeung morfem unik, conto: sabar darana, keukeuh peuteukeuh.


A.3 Kecap Rajekan
  Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagean atawa  
  sagemblengna, robah sorana atawa henteu. Contona kuda-kuda, imah-imah, bapa-bapa.
  Kecap kasebut asup kana  kecap   rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap  
  rajekan sabagian, boh bagian hareup atawq bagian tengah. Contona tatajong, babagi, 
  sababaraha.
  Babagian kecap rajekan, diantarana :
a. Kecap Rajekan Dwipurwa, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku cara 
     nyebutkeun dua kali engang (suku kata) mimiti kecap asalna. (dwi = dua, purwa = 
     mimiti). Contona : kokolot, papait, tetempo, cacabok, popolotot, tatajong. 
     Dwipurwa nurutkeun hartina :
 Lain nu boga lalakon                    : bubuntut
 Barang nu siga                              : sisiku, babantal
 Nuduhkeun alat                            : kakait, cocolok
 Nuduhkeun kecap semu/samar : ririwa, pepetek, papagon
 Nuduhkeun kecap abstrak          : papayung, kokojo
   Dwipura ditambah rarangken :
 Leuwih ti sakali       : seuseurian, gogorowokan
 Barang tironan        : momobilan, paparahuan, iimahan
 Rupa-rupa               : kekembangan, pepelakan, bubuahan
 Babagean awak     : mumuncangan, peupeuteuyan
 Mindeng makena   : sasapedahan, momotoran
 Asa                          : singsireumeun, lilinieun
 Kasakit                    : jeungjeuriheun, sisidueun
 Kalakuan                 : pupujieun, beubelieun jrd.
b. Kecap Rajekan Dwimadya (dwi = dua, madya = tengah), nyaeta kecap rajekan nu 
   dijieun ku cara nyebutkeun dua kali engan ditengah kecap asal. Contona : sababaraha.
c. Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta kecap anu dirajek sagemblengna, aya nu robah aya 
    oge nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebutna Dwimurni, sedengkeun anu 
    robah sorana disebut Dwireka.
     c1 Dwimurni ,(dwi = dua, murni = asli), nyaeta kecap rajekan anu diwangun    
          kucara nyebutkeun dua kali bentuk asal..
               a. Nuduhkeun loba                  : bangku-bangku, samak-samak 
               b. Rupa-rupa, sarua sifatna   : amis-amis, pait-pait 
               c. Lila milampahna                 : mikir-mikir, nimbang-nimbang 
               d. Nuduhkeun kahanjakalan   : geulis-geulis, pinter-pinter 

          c2. Dwireka ,(dwi = dua, reka = rupa), nyaetu kecap rajekan anu diwangun  ku cara  
               nyebutkeun dua kali bentuk asal tapi jadi beda sorana. 
               a. Nuduhkeun loba                   : unak-anik, tulang-taleng 
               b. Leuwih ti sakali migawena : luak-lieuk, tumpa-tempo 
               c. Nuduhkeun ti hiji                   : jul-jol, cug-ceg, sur-sor, crung-creng
          c3. Trilingga nyatana dirajek tilu kali jeung robah sorana, contona : dag-dig-dug,  
               hah-heh-hoh, pak-pik-pek 

    d. Kecap Rajekan Dwisasana nyaeta kecap nu dirajekna ngan engang nu panungtung   
        kecap asal. Contona : pudigdig, cikikik, cakakak, 

    e. Kecap Rajekan Binarung Rarangken, nyaeta kecap rajekan nu dibentuk ku cara 
        nyebutkeun dua kali atau lebih bentuk asalna ku nambahan rarangken. Contona :  
        saalus-alus, patarik-tarik.

 
Ageboy Blog: http://ageboy.blogspot.com/2012/04/cara-agar-blog-tidak-bisa-di-copy-paste.html#ixzz1sSO3U4AU