Jumat, 13 April 2012

Calagara Keur M.Arqi Alfarisi


Al Hamdulillahi Nahmaduhu wa Nasta’inu wa Nastagfiruh wa na’udzubillahi min syururi anfusina wa min syayiati  ‘amalina, mayahdillahu fala mudilallah wamayudil fala hadialah. Asyhadu alla Illaha Illalloh, wa asyhadu anna Muhammadan Abduhu wa Rosuluh.
Alhamdu pameruh rasa takabur anu nyangkaruk dina Qalbu,
Fatihah ngumbah manah tina sarakah anu sumarambah dina manah,
Nyangling ati tina syirik, Puji mah kagungan Gusti anu Maha Suci.
Rumasa, manusa mah mahluk lemah, usik malik rengkak paripolah anging ku Pangersa Alloh nu Maha Murah tur Asih.
Syahadat nu jadi jangji pasini, moal rek lanca-linci luncat mulang ingkar tina tali gadang, umaku terusing kalbu, sumujud, yen teu aya deui Pangeran anu wajib  disembah di ibadahan anging Alloh Subhanahu wa ta ‘Ala Nyalira.
Muhammad Panutan ummat, Sinelir Nabi Pinilih jadi Rosul anu panutup, pamungkas para Anbiya janten Uswatun Hasanah, panungtung ummatna malar    hirup henteu leupas katambias, ingkar tina tetekon agama. 

· Ibu Pupuhu Yayasan AlMarwah Hajjah Maryam Dermawanti Hamijaya hormateun sim kuring,
· Pangersa Ustad Profesor Doktor Kyai Haji Maman Abdurahman MA, anu dipihormat
· Bapa miwah Ibu para Mustami anu sami ku sim kuring di pihormat
· Kum kasadaya anu haladir dina ieu Haflah anu mudah-mudahan Mubarokah

Assalaamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh.
Langkung tipayun urang sami-sami muji syukur ka Robbul Gofur, wireh urang sadaya dina danget ieu masih keneh dipaparin kasehatan, miwah kakiatan geusan sinaksen, riung mungpulung dina patepung lawung patepang wajah raraga Pengajian Umum di Al-Marwah.
Bubuka catur parantos kasanggakeun, Pancen sim kuring ayeuna seja medar runtuyan acara, nyaeta :

Kahiji : Pangdeudeul ais Pangampih ti Pupuhu Yayasan Al-Marwah Pangersa Ibu Hajah Maryam Dermawanti Hamijaya
Kadua: Aosan Kalam illahi anu baris di aoskeun ku saderek Bagus Maulana Sobirin kelas X Full Day SMA PUQ Al-Marwah
Katilu ; Pidato Bahasa Arab anu di dugikeun ku Baetun Nurjanah kelas XI IPS SMA PUQ Al-Marwah
Kaopatna : Pidato Bahasa Inggris ku Noviyanti Pratiwi kelas XI IPA SMA Al-Marwah sareng teh Hilda Yulida, sami kelas XI IPA SMA Al-Marwah.
Anu Kalima, Acara poko Wejangan ti Pangersa Ustad Profesor Doktor Kyai Haji Maman Abdurahman, MA. Ketua Umum Pimpinan Pusat Persatuan Islam Bandung.
Ka genep, Pamungkas acara.

 
Supados teu nyangkolong waktos, mangga dihaturanan Ka Ibu Pupuhu Yayasan Al-Marwah kangge ngadugikeun Pangwilujeng na.
……………………………………………………………………

Hatur rewu Nuhun ka ibu anu parantos ngadeudeul ieu acara, mudah-mudahan seueur kasaeanna ageung barokahna manjang jariahna. Aaamiiin.
Nema acara kadua aosan ayat Suci Al-Quran anu bade diaoskeun ku Bagus Maulana Sobirin, ka saderek Bagus mangga dihaturanan...
…………………………………………………………………………….

Mudah-mudahan aosan Kalam Illahi tadi janten wasilah kangge urang sadaya anu kempel dina ieu Haflah.
Salajengna, ka teh Baetun Nurjanah dihaturanan kangge Pidato na dina bahasa Arab. Mangga...k teh Baetun dihaturanan…..

Kitu pangdugina teh Baetun Nurjanah dina Pidato ku Bahasa Arab.
Nema acara salajengna anu ka opat pidato ku bahasa Inggris, mangga dihaturanan ka Noviyanti Pratiwi oge teh Hilda Yulida kangge ngadugikeun Pidatona...
…………………………………………………………………………….
Hatur nuhun ka ……….. Sareng ……….. Anu parantos ngajengkeun pidato na ku bahasa Inggris.
Atuh runtuyan nu dianti-anti titatadi, diseja tianggalna, nyaeta Piwuruk oge Wejangan ti Pangersa Ustad, anu janten acara poko dina ieu Haflah.
Mangga ka Pangersa Ustad Profesor Doktor kyai Haji Maman Abdurrahman, Ma… dihaturanan kangge ngadugikeun Tausiah na.
……………………………………………………………………………….
Alhamdulillah….rengse kadangu ku urang sadayana Tausiah ti Pangersa Ustad...anu mugia tiasa dicandak sareng diamalkeun anu saena, sarta ditebihan anu awon na.

 
Kumargi acara Poko parantos kasakseni ku urang sadayana, atuh kangge Pamungkas catur sakantenan panutup ieu acara, simkuring seja ;
“Nutup saur pamungkas calagara, hapunten anu kasuhun,
bilih aya saur nu teu kaukur , tisoledat ucap,
tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan,
Mugia sadayana ngamparkeun manah nu leah, kanggo ngahapunten sagala kakiranganana”.

Billahi taufik wal hidayah, Robbana Aatina fiddun ya hasanah, wa fil aahiroti hasanah wakina adzaaa bannaar.
Wasalam mu’alaikum waroh matulloohi wabarokaatuh.

iyasana Rudi Linuhung........di pidangkeun kunu kapapancenan calagara M. Arqi Alfarisi kelas X Full Day SMA PUQ ALMARWAH.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Ageboy Blog: http://ageboy.blogspot.com/2012/04/cara-agar-blog-tidak-bisa-di-copy-paste.html#ixzz1sSO3U4AU